Teks Tarjamahan
Download file .pdf disini
Tulis tangan ada di file .pdf
Pangjajap
Anu dimaksud
tarjamahan teh nyaeta mindahkeun eusi hiji tulisan anu ngagunakeun hiji basa
kana tulisan anyar anu ngabogaan basa anu beda jeung basa tulisan asalna. Dina
urang ngalakukeun tarjamahan, aya dua hal anu kudu diperhatikeun. Anu kahiji,
kusabab hiji tulisan teh bisa disebut miboga nilai sastra, kukituna dina ngalakukeun
tarjamahan, urang kudu bisa mindahkeun kaendahan nilai sastra anu aya dina
tulisan asalna kana tulisan anu anyar.
Sedengkeun anu kadua, dina waktu
ngalakukeun tarjamahan teh nyaeta kudu "satia". Harti satia nyaeta
yen dina narjamahkeun teh ulah nepi ka aya tulisan atawa kalimah anu salah dina
ngahartikeun atawa salah harti. Sabab umpama nepika salah dina harti atawa
salah ngahartikeun tangtu pesen anu hayang ditepikeun dina eta tulisan bisa
jadi salah nepikeunnana.
Tarjamahan oge sok disebut alih basa, nyaeta mindahkeun teks dina
basa sumber (asal) kana basa sejen (anyar). Narjamahkeun disebut oge nyalin
atawa mindahkeunhiji basa kana basa sejen. Kagiatan narjemahkeun the kacida
pentingna, lantaran teu kabeh jalma ngarti atawa paham kana unggal basa anu
dipake atawa digunakeun ku jalma sejenna.
Pancen
Dina pancen ieu, aya teks tarjamahan Basa Sunda karya R. T. A.
Sunarya anu judulna “Saija” jeung teks tarjamahan Bahasa Indonesia karya Andi
Tendi W. anu judulna oge “Saija”. Pek tuliskeun naon anu bedana sarta kira-kira
ceuk hidep naon alesana bet aya perbedaan?
Jawaban
- - Teks “Saija” karya R. T. A.
Sunarya nganggokeun Basa Sunda dina teksna. Padahal Teks “Saijah” karya Andi
Tendi W. nganggokeun Bahasa Indonesia dina teksna.
- - Judul karya R. T. A. Sunarya
nyaeta “Saija”, padahal judulna teks karya Andi Tendi W. mah “Saijah”. Aya
parbedaan dina panulisan judul teks.
- - Dina karya R. T. A. Sunarya,
aya istilah “sobat dalit” sanajan munding di Pulo Jawa mah kacida pisan
iceusna. Padahal teks karya Andi Tendi W. mah teu aya istilah ti panulisna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar